Selasa, 27 Maret 2012

Koleksi Foto

Celempung


Celempung ( Ind.:Celempung), nya éta salah sahiji waditra tradisional Sunda daèrah Jawa Barat anu cara maénkeunana ditabeuh. Waditra ieu miboga pungsi sarua jeung kendang nya éta miboga pungsi pikeun ngatur irama lagu. Wangun penyajian waditra Celempung biasana disebut Celempungan. Ilaharna dina pintonan celempungan sok dilengkepan ku sababaraha waditra taradisional séjénna nya éta kacapi, rebab, atawa suling jeung goong buyung.
Bahan nu dijieun pikeun celempung nya éta tina(awi gombong), ukuran diameter l.k.20cm, panjang l.k.40cm. Biasana nyieun celempung tina awi gombong. Awina disopak heula jeung ditengah-tengah sopakan diliangan (samodél) kohkol, sisi sopakan hinisna kenca-katuhu dicokel anu engkena minangka jadi senarna, jeung supaya bisa ngeleter disadana. Nu dijadikeun bagian luhur (beungeutna) ditatah atawa diratakeun, bagian tengah diliangan ngarah suara senar agem dijero tabung; kaduana senar diatur nada-nadana, nya éta galimer (1/da dan 4/ti) atawa nada-nada nu lian gumantung nu ngajieun.
Celempung mangrupa alat musik meunang niron tina Icikibung, nya éta sora kaulinan tradisional nu mangrupa tabeuhan dampal panangan jeung gerak siku di luhur cai nepi ka ngaluarkeun sora-sora anu has. Kaulinan ieu biasana dipaénkeun ku para wanoja anu keur mandi di walungan. Sora-sora tina kaulinan icikibung ieu ditiron jeung dipindahkeun jadi waditra nu dijieun tina awi gedé (awi gombong) nu disebut celempung.
Bagian-bagian celempung ngawengku sirah, panutup gigir beulah kenca, pongpok, panutup beulah katuhu kedua utas sembilu salaku senar, talingkup, panyambung dua senar, nawa, salaku liang sora, baham, salaku tempat ngola sora.
Cara nyieun celempung, kahiji pilih saleunjeur awi gedé (awi gombong) anu umurna geus kolot sangkan teu bubuk. Leunjeuran awi diukur tuluy disebit pikeun dijadikeun senar. Dua senar éta disebut alur celempung. Dina bagian beungeutna diratakeun, sarta tuluy diliangan. Liang anu dijieun téh dingaranan nawa, pungsina pikeun liang hawa. Dina bagian gigirna ge dijieun liang deui nu miboga pungsi pikeun ngolah sora ku dampal panangan kiwa, nu dingaranan baham.

Referensi
  1. Drs Ubun Kubarsah R, (1996). Bandung: Dasasetra.
  2. Ajip Rosidi, spk. (2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya (termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
  3. R.A. Danadibrata, (2006). Bandung: PT. Kiblat Buku Utama