“Asa ku teungteuingeun teuing deuih, imah kang Surya gé digarong ogé. Keur mah walurat, imah gé ngan sakitu-kituna. Biheung teuing boga banda gé. Teuing kumaha pipikiranana euy uing mah Kri jalma téh, teu nu susah teu nu senang. Eeh, angger baé digasab. Mana teuing menenghelna meureun.” Témbal Éman.
Sut manéhna nyeundeut udud nu kari sabatang deui. Cekés, nyekéskeun korék. Sut disundut. Pelenyun udud, haseupna mani nyerebung.
“Atuh nya heueuh Man, kangaranan maling mah moal ninggali saha jalmana, jeung kumaha kaayaanana. Barang bongoh, geuwat baé digasab naon baé nu aya,” gancang Nukri némbalan bari nyeuleukeuteuk seuri.
“Bener, bener, kétang. Heueuh nyéta, asa kateuteuari aya nu ngaronda gé ari angger baé kagarongan mah. Teuing sararé kitu sabot ngaronda téh, kateuing kumaha. Palebah geus aya nu kagarongan, awong-awongan maling, karak birat, sat-set muru nu malingna. Atuh moal gé kapanggih kalah kumaha gé. Harita basa balik ti Mang Indra gé, kasampak keur ngagaluher baé patugas téh di pos ronda. Kabina-bina teuing, lagu cul baé lembur mah diantep.” Ceuk Oman deui.
“Éta ning, mana kitu gé meureunan gawéna ukur saré. Da mun teu kitu mah moal kagarongan ku rarasaaan mah,” omong Nukri. Suruput, cikopi dina luhur méja dileguk mani ngaleklek, tuluy gap kana lalawuhna.
Wanci geus liwat jam dualas peuting. Peuting beuki peteng. Sakuriling bungking poék mongkléng. Meredong. Obrolan Nukri jeung Éman beuki manjang. Alanganteng ngarobrol ngalér-ngidul. Nguar-nguar sual lemburna nu kagarongan téa.
“Kamana si Hasan asa tara manggih?” ceuk Éman rada kerung.
“Teuing nyéta asa jarang nempo uing gé. Geus sababaraha poé ieu teu panggih, majar sibuk cenah loba pigawéeun ti dununganana,” témbal nukri bari gap deui kana lalawuh nu aya dina luhur méja.
“Na gawé dimana kitu?”
“Harita mah basa uing nanya, manéhna téh gawé di PT Harum Sari.”
“Paingan atuh sibuk ogé!”
“Ngan kitu téa geuning Man, cenah ayeuna mah geus teu gawé deui di dinya,” gancang Nukri némbalan.
“Haaar.. Naha?” pok Éman panasaran.
“Heueuh nyéta, saminggu katukang manéhna diPHK di tempat gawéna téh. Pangna diPHK téh, lantaran tempat pausahaanana geus bangkrut cenah. Geus teu sanggup ngabiayaan para pagawéna, kaasup si Hasan. Nu matak diPHK ogé,” ceuk Nukri.
Sajeroning pikirna, ras ingetan nukri kana nasib si Hasan. Bet kakara kapikiran, ahir-ahir ieu manéhna tara ninggalian di lembur. Teu cara ti sasari, biasana ogé sok nganjang ka imah. Najan sibuk ogé, sok nyempetkeun baé ulin kadieu. Enya, asa kakara kapikiran, jeungna deuih asa leungiteun. Tuda ka si Hasan téh asa geus lain babaturan, malah geus asa jiga dulur sorangan. Keur mah kolotna geus euweuh. Katurug katutuh manéhna can boga tempat panyicingan anu matuh. Sok mangwatirkeun sakapeung mah. Ayeuna sanggeus manéhna meunang gawé, kalah diPHK. Deudeuh teuing San, gerentes haténa. Luk Nukri melenguk tungkul, mangwatirkeun nasib si Hasan.
“Kri! Kalah ngalamun”, ceuk Oman setengah nyentak.
Gebeg Nukri reuwas. Nu napuk dina pikirna kasieuhkeun ku omongan Oman nu ngageureuwahkeun manéhna. “Henteu Man, bari rada nyenghél”
Angin peuting beuki nyusuk kana iga. Sumiliwir, nyéot, ngepakkan sarintakan dangdaunan nu aya di sakuriling bungking.
Teu lila, katingali aya jalma ngaliwat ka hareupeun imah Nukri. Saha-sahana mah teu pati jelas disidik-sidik téh. Da poék téa. Ngan ari rigigna mah kawasna si Hasim, babaturanna.
“Sim!”, pok Nukri rada asa-asa. Deg ngarandeg, nu digentraan téh ngalieuk ka lebah Nukri jeung Éman. Sanggeus rada sidik, Nukri satengah ngagorowok bari gugupay ka nu keur ngarandeg téa.
“Eééh, nyéh manéhna ngabelenyéh seuri. Sugan téh saha, manéh Kri.”
”Ti mana euy ilaing Sim? Kadieu heula.” ceuk Nukri ngahiap nitah ka imahna. Sup manéhna nyampeurkeun Nukri. Gék manéhna milu diuk.
“Tas timana manéh Sim?” ceuk Éman nanya.
“Tas balik ti Mang Linta,” témbal Hasim.
“Geuning sinarieun jalan ka dieu?” ceuk Nukri milu nimbrung.
“Ah hayang wé. Ngahaja nyéta, susuganan baé manggihan maling. Uing hayang néwak éta garong, hayang nepika beunang éta garong téh,” ceuk hasim rada keuheul.
“Heueuh nyéta, uing gé ti tatadi gé keur ngomongkeun garong jeung Éman téh. Hayang nyaho saha nu sok ngagarong téh,” témbal nukri daria.
“Heueuh lah ari kitu man, urang ilikan, jeung urang bongohan éta nu maling téh. Sugan wé beunang peuting ieu mah,” ceuk Hasim gancang némbal.
“Heueuh bener,” ceuk Éman.
*
Sakuriling lembur poék mongkléng. Meredong. Euweuh lampu nu nyaangan di lembur téh.
“Hayu geuwat atuh urang ngontrol!”Ceuk Nukri bari jung nangtung.
“Heug,” rampak Éman jeung Hasim némbalan. Tuluy jrut tarurun tina tempat pangdiukan. Geus kitu tuluy ngarandeg. Reketek sarung dibakuket mani pageuh dina cangkéngna. Geus papada sayaga.
“Rék dimimitian timana Kri?”ceuk Éman nanya ka Nukri.
“Ti dieu urang bareng leumpang, lempeng jalannna ka mang Ajun, tuluy ka Ceu Atin, nguriling deui ka Bi Isoh, tuluy ngaliwatan imah pa RT. Sanggeus ngaliwatan imah pa RT, tuluy motong jalan ka kebon cau, jol deui wé ka dieu.” Nukri ngébréhkeun ka baturna.
“Kaharti?” ceuk Nukri deui.
“Kaharti,” rampak nu duaan némbalan.
“Apal meureun?”omong Nukri deui.
“Heueuh siap,” ceuk nu duaan.
Éman, Hasim, jeung Nukri ngamimitian leumpang. Ngurilingan lembur bari dikarimun sarung. Sénter, panakol, jeung kohkol geus sadia saméméhna. Tuluy Nukri, Éman, jeung Hasim mapay-mapay jalan nu geus dituduhkeun ku Nukri tadi. Bari nyénteran ka unggal nu poék, boh nyorotkeun ka arah imah, atawa ka lebah kebon.
“Aman euy”. Ceuk Hasim ngaharéwos
“Boa, heueuh sugan wé”. Témbal Éman. Nu geus ngaliwatan sababaraha jalan nepika Ceu Atin tetep teu manggihan nanaon.
Sajongjonan, sabot leumpang mapay jalan ka Bi Isoh rék tuluy motong jalan ka kebon cau, kadéngé sora nu kekeletrékankan. Éman jeung Hasim teu maliré.
“Cik déngékeun man, aya nu kekeresekan euy,” ceuk Nukri ngarandeg.
“Ah lain boa, birog meureun,” témbal nu duaan.
“Lain ah, béda sorana, piraku kitu,” ceuk Nukri keukeuh. Tuluy maranéhna neruskeun leumpangna, tapi tetep Nukri angger panasaran.
Teu lila sabot leumpang, enyana baé. Kasampak téh aya nu keur nyokélan panto bari naék kana tumpukan bata bari jéjéngkéan. Nukri nelek-nelek nu keur nyokélan panto bisi salakina Bi Isoh keur ngomékeun jandéla ti luar. Tapi asa moal mungkin geus peuting kieu, ceuk gerentes haténa.
“Man, Sim tinggali saha itu?” Nukri ngaharéwos.
“Mana, mana?” Témbalna rada tarik
“Itu euy aya nu nyokélan panto, saha nya euy?”
Tuluy disampeurkeun bari keketeyepan, barang disénteran téh maké tergos, jeung mawa bedog, dibakuket dina cangkéngna.
Reuwas lain meumeueusan. Geus teg baé haténa garong éta téh. Ana kitu téh gorowok baé Nukri. “Maling, maling, Maling!”. Éman jeung Hasim geuwat ngejat, mangpengan lumpat muru nu keur nyokélan panto téa.
“Geuwat téwak, deuleu!” Gorowok Nukri bari nakol kohkol beuki tarik.
Teu lila, warga lembur kalalauar, éar ngadéngé nu ngagorowok aya maling. Tuluy muru ka tempat sora nu gogorowokan.
“Heug siah, ku aing téwak kéhéd!” gorowok Hasim bari lumpat muru nu ditergos.
Jekuk, jembrod, nu ditergos direjengan. Teu dibéré mingé. Tuluy dicehcer baé beungeut jeung saawak-awakna. Beak diteunggeulan, nepika bengep. Hasim jeung Eman neunggeulan teu euleum-euleum, kawas nu keur kasurupan. Jekuk, jembrod, kitu jeung kitu. Nepi ka teu walakaya.
Teu lila, jol pa RT jeung warga nu séjén muru nu keur direjengan.
“Geus, eunggeus!” omong pa RT nyentak, bari nyapih misahkeun nu keur direjengan. Nu maling geus teu bisa kabur kamamana. Ngudupruk teu walakaya.
“Geus atuh watir deuleu!” ceuk pa RT semu ngagorowok.
“Lah kagok, bongan.” Témbal hasim ambekanana ngos-ngosan.
“Heueuh sarua kami gé, tapi watir tuda beungetna bengep hayoh waé diteunggeulan mah. Keun urang serahkeun waé ka pulisi. Sina pulisi nu nguruskeun, keun urang ulah ringrang, tangtu bakal dihukum saadil-adilna.” Ceuk pa RT ngajéntrékeun.
“Geus haling..” pa RT rada ambek
Éman jeung Hasim ngoléséd sanggeus dititah ku pa RT téh. Garong diantepkeun ngudupruk teu walakaya.
“Saha éta téh?” Warga ngaguruh, bangun nu panasaran.
“Cing pangmukakeun Kri,” pa RT nitah ka Nukri.
Barang ditangtungkeun rék dibawa ka pulisi. Tergosna di buka ku Nukri. Sanggeus dibuka téh, beungeutna haréjo, rada getihan balas diteunggeulan tadi. Sanggeus ditelek-telek téh geuning nu ditergos téh si Hasan babaturanna téa. Beungeutna geus barengep, haréjo, semu getihan.
“San geuning ilaing?” ceuk Nukri bari tuluy ngageubig-geubig awak si Hasan.
“Na kunaon manéh jadi kieu?” Omongna deui bari semu kuciwa. Hasan ukur imut ditanya kitu téh.
“Kapaksa kuring kieu téh Kri”. Ceuk Hasan dareuda.
“Heueuh tapi lain kieu carana”. Témbal Nukri bari ceurik. Manéhna ngagabrug hasan nu teu walakaya.
“Heueuh kuring gé nyaho, dalah kumaha. Kieu sotéh kapalang ku butuh kuring téh. Luk tungkul ngembeng cipanon na kongkolak panonna.” Léak manéhna ngusap cipanon anu ngalémbéréh na pipina.
Sanggeus kitu, tuluy Hasan dibawa ka imah pa RT. Hasan diamankeun sementara waktu di imah pa RT. Ningali Hasan nu kawas kitu téh, tungtungna mah teu jadi di ka pulisikeun, lantaran watir. Keun kanyeri warugana sina jadi pelajaran keur manéhna. Pa RT, Éman jeung Hasim teu nyangka yén salila ieu téh nu sok ngagarong téh babaturan, sakaligus warga lembur sorangan.
Hasan ngarasa bungah campur éra ku sikep pa RT, Nukri jeung sabatur-baturna, lantaran teu jadi di ka pulisikeun. Manéhna jangji ka dirina yén moal milampah paripolah kawas kitu deui. Kapok cenah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar